Hikmah Saum

Ayu Muhafilah

Penulis : Ayu Muhafilah

0

0

Share and Care
4.-HIKMAH-PUASA_1679206864

Penulis: Herman

SIAPBELAJAR.COM -Ngalaksanakeun saum mangrupakeun salasahiji ibadah. Saum oge mangrupakeun salasahiji tina rukun Islam. Ngalaksanakeun ibadah mangrupakeun wujud kataatan urang ka Alloh.

Naon anu diparentahkeun ku Alloh kudu dilaksanakeun, sangkan meunang ganjaran jeung mangpaat di dunya rawuh aherat. Ngalaksanakeun saum di bulan Romadhon hukumna wajib. Sakali dina sataun, lilana sabulan. Kituna ge ukur ti sirek medal fajar nyampe surupna panon poe.

“Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Ka maraneh diwajibkeun puasa cara anu geus diwajibkeun jalma-jalma anu samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma-jalma anu tarakwa.” (QS Baqoroh ayat 183)

“Singsaha anu puasa di bulan Romadhon kalayan dasar iman jeung miharep ganjaran ti Allah, mangka dosana dihampura dosana anu  geus  kaliwat.” (HR. Bukhari no. 38 sareng Muslim No. 860).

Sajaba ti mangrupakeun ibadah, saum anu ku urang dilaksanakeun oge ngandung rupa-rupa hikmah anu kacida gedena. Loba pisan hikmah anu kapetik tina saum, di antarana:

1. Mampu nahan hawa nafsu.

Pikeun anu teu biasa mah, saum teh beurat. Kudu nahan lapar jeung halabhab oge teu ngalakukeun hubungan intim antara salaki jeung pamajikan salila welasan jam ti mimiti medal fajar (balebat) tepikeun ka surupna panon poe.

Teu cukup ku kitu, jalma anu keur saum oge kudu bisa ngajaga diri tina ucapan jeung kalakuan anu matak ngaruksak kana ganjaran saum. Saperti ngeker diri tina ngomongkeun kagoreng batur jeung pasea. Ku ngalaksanakeun saum salila sabulan, dipiharep urang bisa ngelola emosi. Sahingga dina nyanghareupan naon wae urang siap nyanghareupanna. Teu babari emosi, teu babari ambek. Pikiran tenang dina nyanghareupan saban pasualan nu kumaha wae.

Memang kana urusan ngelola hawa nafsu mah teu kabeh jalma bisa. Lain jalma anu kuat najan awak jangkung gede, kuat jeung bisa gulat, dimana teu mampu meruhkeun hawa nafsu. Nabi Muhammad SAW ngadawuh dina salasawios  hadits anu  kieu hartosna :

“Jalma anu kuat teh lain lantaran jago gulat, tapi jalma anu kuat teh nyaeta jalma anu bisa nahan dirina dina nalika keur ambek.”

2. Ngabiasakeun hirup basajan.

Keur bulan puasa mah tangtuna dahar jeung nginum teh teu saban waktu. Ngan dina waktu buka jeung sahur. Dina enyana ngumpul-ngumpulkeun dahareun, brehna mah kaburu seubeuh manten ku dahar sapiring oge geus cukup. Piraku rek maksa dijejelkeun kana beuteung hingga kamerekaan.

Loba dahar antukna sok jadi sangheuk nanaon, padahal urang teh kudu ngalaksanakeun sholat jeung ibadah sejenna.

Seubeuh teuing kalah matak tunduh, ka dituna hayang sare. Memang sagala rupa oge kudu sacukupna, kaasup dina barangdahar jeung nginum, teu kaleuleuwihi.

Ku hal ieu, dipiharep urang ngabiasakeun hirup basajan atawa sederhana. Ongkoh dina bulan Romadhon mah kudu leuwih ngutamakeun kagiatan anu orientasina ka aherat, teu hayuh wae dudunya.

Ngeunaan hirup basajan,  Alloh ngadawuhkeun dina Al Quran:

“Jeung jalma-jalma anu upama ngabalanjakeun (hartana), henteu awuntah jeung henteu koret, sarta salawasna maranehna sineger tengah.” (Al Furqon ayat 67)

“Yeuh bani Adam! Geura pake pakean maraneh anu harade saban-saban sholat, jeung pek geura dalahar, geura ngarinum, tapi ulah ngaliwatan wates-wangen, karana saestuna Alloh henteu micinta jalma-jalma anu ngaliwatan wates-wangen.” (QS Al ‘Arof ayat 31)

Pola hirup basajan teh gede mangpaatna. Sok komo dina jaman ayeuna keur meumeujeuhna sagala rupa nararaek. Ari ngirit mah ku sabab hirup basajan, moal matak kakurangan. Boga cadangan.

3. Ngajaga kasehatan.

Di luar Romadhon, urang hayuh wae barangdahar. Komo pikeun anu tara pisan ngalaksanakeun puasa sunnah mah. Ari sakur kadaharan jeung inumeun anu asup kana awak teh digiling ku alat pencernaan. Sawareh jadi daging, sawareh deui jadi getih, sawareh deui mah jadi kokotor.

Mangkaning ari kadaharan tea teu kabeh nyehatkeun. Jaman kiwari ieuh boh dahareun, boh inumeun teu saeutik anu ngandung bahan-bahan anu ngabahayeun pikeun awak. Pengawetna tea, perasa buatan tea, pewarna buatan ongkoh jeung sajabana. Ka dituna matak nimbulkeun rupa-rupa panyakit.

Teu karasa ayeuna, isuk jaganing pageto mah marucunghul sabangsaning kangker atawa panyakit sejenna anu remen matak hese nyebutkeun ngaran panyakitna, jeung ngabutuhkeun beya gede pikeun tatamba. Dina keur ngalaksanakeun puasa, awak urang eureun heula tina ngasupkeun dahareun jeung inumeun. Reureuh heula ngagilingna.

Salila welasan jam urang puasa, ti beurang wungkul. Ti sirek medal fajar nyampe surup panonpoe. Diberesihan tina bahan-bahan anu salila nyamuni dina konsumsi anu matak teu sehat. Disebutna teh detoksifikasi.

Ceuk ahli kasehatan mah, puasa teh alus pisan pikeun nyehatkeun awak. Malah aya sawatara panyakit anu pikeun bisa cageur teh teu cukup ku nginum obat, tapi dibarengan ku puasa. Pikeun kaom muslimin mah, puasa teh lain hal anu aneh.

Memang puasa teh bagean tina ibadah. Aya puasa anu sunnah, aya puasa anu wajib hukumna. Nya matak meunang ganjaran, nya matak sehat. Kasinglar tina rupa-rupa panyakit. Rereana panyakit teh jebulna tina beuteung. Eusi beuteung kapan tina dahareun.

Rosululloh SAW ngadawuh dina hadits anu diriwayatkeun ku Muslim :

“Sumber tina sagala panyakit nyaeta beuteung, beuteung teh gudangna panyakit, jeung ari puasa teh eta obat.”

4. Ngamayengkeun ibadah.

Dina bulan Romadhon mah jalma-jalma teh leuwih sarumanget dina ibadah. Masjid-masjid jadi pinuh ku anu sholat berjamaah. Matak resep, haneuteun, kaciri syiar Islamna teh. Coba di bulan-bulan sejenna kawas kitu, tada teuing matak bagjana.

Masjid paalus-alus, ari nu ngeusianna saeutik, manglebarkeun. Jalma-jalma sarumanget puasa jeung ngalakukeun ibadah sejenna sabangsaning tadarus, kuliah Shubuh, jeung sodakoh. Kabita ku ganjaranna beh dieuna. Mangpang-meungpeung keur dina bulan Romadhon.

Bulan anu dianti-anti salila 11 bulan. Dipiharep, dimana geus lekasan Romadhon, urang terus ngamayengkeun ibadah, utamana anu wajib. Saperti, ari bulan Romadhon mah sholat Shubuh teh daek berjamaah di masjid, mangka di luar Romadhon oge kudu saperti kitu. Hayang keneh puasa, mangga kari puasa sunnah.

Di antarana puasa sunnah salila genep poe dina bulan Syawal. Kitu deui tadarus Al Qur’an, teruskeun. Keur puasa laleukeun tadarus sapoe sajuz, di bulan-bulan sejenna kudu sasumanget di bulan Romadhon.

“Satiap amalan kahadean anu dilakukeun ku manusa bakal dilipatgandakeun kalayan sapuluh kahadean anu samisal nepikeun ka tujuh ratus kali lipat. Allah Ta’ala ngadawuh (anu hartosna), Kajaba amalan puasa. Amalan puasa eta mah  pikeun Kami. Kami sorangan anu  bakal ngabalesna. Disababkeun manehna geus ninggalkeun syahwat jeung dahareun karena Kami. Pikeun jalma anu puasa bakal meunangkeun dua kabagjaan nyaeta kabagjaan nalika buka puasa jeung kabagjaan nalika  patepang sareng Alloh. Saestuna bau cangkem jalma anu puasa leuwih seungit di sagedengeun Allah ti batan seungit minyak kasturi.” (HR. Bukhari no. 1904, 5927 sareng Muslim no. 1151).

5. Nuwuhkeun rasa heman ka sasama.

Keur puasa kacida karasa lapar jeung halabhab. Komo dimana teu kaburu saur mah. Tapi nahan lapar jeung halabhab teh urang mah salila ti beurang. Nahan peurih beuteung ukur welasan jam. Engke geus kapireng sora adzan Magrib mah geus meunang barangdahar jeung nginum nyaeta buka puasa.

Bandingkeun jeung jalma-jalma anu salila ieu hirupna katalangsara. Geus maneuh nahan lapar saban poe alatan kurangna pidahareun. Katambah ku hese nyiar rejeki. Beuteung mah teu apal dina kaayaan, rek keur susah atawa tunggara, tempona lapar mah kukurubukan, nanagih pikeun dieusian. Ku ngalaksanakeun puasa, urang dipiharep milu ngarasakeun kumaha lapar jeung hausna jalma anu masakat, fakir miskin.

Dipalar timbul rasa welas asih, rasa heman ka sasama. Sahingga daek miduli ku cara daek sodakoh. Daek barangbere. Maranehna salila ieu dahar teh manggih isuk, puasa sore. Heureut pakeun, pungsat bahan. Kacida, mun urang bisa dahar jeung nginum tepikeun ka kamerekaan, beuteung bungkiang, ari tatangga urang kalaparan alatan teu manggih dahareun.

“...Jeung prak geura silihtulungan dina kahadean jeung takwa, tapi ulah silihtulungan pikeun dosa jeung mumusuhan.” (QS Surat Al Ma’idah ayat 2)

Rosulloh SAW ngadawuh dina hadits anu diriwayatkeun ku Ath Thobroni anu hartosna :

“Teu iman ka Kami jalma anu seubeuh sapeupeuting sedengkeun tatanggana kelaparan di gigireunna, padahal manehna mikanyaho."

Penulis: Herman

Komentar (0)

komentar terkini

Berita Terkait

4.-HIKMAH-PUASA_1679206864

Share and Care

Hikmah Saum

SIAPBELAJAR.COM -Ngalaksanakeun saum mangrupakeun salasahiji ibadah. Saum oge mangrupakeun salasahiji tina rukun Islam. Ngalaksanakeun ibadah mangrupakeun wujud kataatan urang ka Alloh. Naon anu dip